Kota Sukabumi, ti tanggal 20 Fébruari 2025 geus miboga Wali Kota jeung Wakil Wali Kota anyar. H. Ayep Zaki jeung Bobby Maulana salaku pasangan calon pinilih dina calagara Pilkada 2024. Duanana geus diistrénan di Istana Kepresidenan, Jakarta ku Présidén Prabowo Subianto.
Jenengna Pa Ayep jeung Kang Bobby jadi pupuhu di Kota Sukabumi tangtu baé lain dihasilkeun ku waktu anu sakedét nétra, tapi ngaliwatan hela pasualan-pasualan anu aya patula-patalina jeung tahapan Pilkada.
Geus ilahar, anu kapilih atawa pinunjul dina Pilkada boga pancén rongkah, utamana kudu ngawujudkeun jangji politik nalika dibetuskeun waktu kampanye sababaraha bulan ka tukang. Malah, sok remen di nagara urang mah, anu ngaranna pamingpin anyar kapilih ti tingkat kota nepi ka nagara sok pada nagih ku masyarakat sangkan bener-bener ngawujudkeun naon anu dikedalkeun dina Visi jeung Misi.
Keur ngawujudkeun naon anu dikedalkeun dina Visi jeung Misi Kota Sukabumi tangtu lain pasualan gampang lamun hal ieu henteu dirojong babarengan ku gawé rancagé. Da, anu diperlukeun ku hiji nagara, provinsi, kota, atawa kabupatén lain saukur dipulas ku catur tanpa bukur tapi ku prak nyata sakabéh anasir dina ngokolakeun wewengkonna sorangan.
Dina méré kamandang jeung pikiran kana kaayaan Kota Sukabumi geus tangtu jalma kabagi kana rupa-rupa golongan. Aya anu hayang ngabebenah jeung merenahkeun pangwangunan fisik, aya anu boga kahayang sangkan kota ngawujud jadi kota anu beresih, aya anu mikahayang ngaheulakeun pangwangunan ékonomi, ogé aya anu boga kamandang pasualan ruhani jalma anu sakuduna diwangun di ieu kota.
Hartina, lobana hal anu dipikahayang ku warga kota tangtu baé henteu bisa diréngsékeun dina waktu anu sakeudeung atawa samporét komo ngan saukur ku nagih jangji. Ngawangun hiji wewengkon geus tangtu merelukeun tanaga jeung pikiran warga kota. Ceuk basa kiwari mah, merlukeun kolaborasi atawa rempug jukung sauyunan.
Pa Ayep jeung Kang Bobby sok sanajan salaku pupuhu di ieu kota lain harti mangrupa dua urang jalma pang bisa sagala rupana. Terus, tug nepi ka engké réngsé ngalungguhan jabatanna masih aya sababaraha hal anu can bisa dibebenah, lain hartina pupuhu ieu kota mangrupa pamingpin anu teu bisa nanaon.
Kusabab pasifatan-pasifatan jalma anu disebutkeun tadi tetep nerap dina diri Pa Ayep jeung Kang Bobby, urang salaku warga kota kudu bener-bener mintonkeun dua hal ogé, ngarojong nalika kawijakan bener-bener alus jeung ngélingan ku cara anu hadé nalika aya kawijakan anu teu pati karasa ku warga kota.
Halaman: 1 2